Contoh Khutbah Jum'at , Idul Fitri dan Idul Adha Bahasa Sunda



1. Khutbah Jum'at bahasa sunda

Assalamu’alaikum Wr.Wb Puji syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat wal’afiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu. Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh kalebet oge urang sadayana. Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka jama’ah jum’at sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna supados kenging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu panghadena di dunya ieu, jeung dibere akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba Alloh oge janten kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaeta ibadah. Dawuh Alloh SWT dina surat adz-dzariat ayat 56 : “Jeung Kuring (Alloh) henteu nyiptakeun jin jeung manusa teh teu aya lian pikeun maranehna kacuali nyembah ka Kawula.” Nyembah dina harti luas nyaeta sagala rupa bentuk pangabdian atawa ibadah nu hade didasaran parentah Allah jeung sakumaha Rasulullah parantos nyontohkeun dina ngalaksanakeunna, boh ibadah langsung ka Alloh (Hablu minalloh) atanapi ibadah kasasama manusa (hablu minannas). Sajabi ti eta oge, manusa teh kudu bisa ngalola jeung ngamanfaatkeun naon-naon nu ku Gusti Alloh ciptakeun di dunya ieu pikeun kasejahteraan hirup manusa sebab nu kitu teh masih keneh kaasup kana ibadah. Hadirin Rohimakumullah, Urang sadayana yakin yen sagala urusan dunya nu disinghareupan baheula nepi ayena ieu, sanajan urang ngadekul teu euereun-eureun beurang jeung peuting moal aya beakna jeung tungtungna salila hawa masih kaluar tina irung, pagawean jeung pangabutuh teh bakal datang. Salaku jalma nu boga iman mah kudu bisa ngatur jeung ngatasi perkara eta. Sabab lamun urang teu bisa ngatur jeung ngabatasan pangabutuh hirup urang leuwih bahayana leungiteun kabahagian hirup jeung kasaimbangan hirup dina kahirupan sapopoe. Alloh Maha Adil nyiptakeun kabeh mahluk teh aya pasanganna samodel langit jeung bumi, daratan jeung lautan, halodo jeung hujan, lalaki jeung awewe leuwih tina hal eta jasmani jeung rohani. Patali tina sakian ciptaan nu hade, geus sakuduna urang bisa miara jeung ngatur sanajan sawareh oge nu aya kaitan jeung hajat (pangabutuh) urang salaku manusa supaya bisa maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani jeung rohani eta. Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun faktor nu penting, malahan jadi tujuan jeung cita-cita hirup keur muslim. Sakumaha parantos ditetelakeun dina Al-Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 201 : “Jeung di antara maranehna aya jalma anu ngado’a : ‘Nun gusti, pasihan diri kami kasaean di dunya sareng kasaean di akherat sareng piara diri kami tina siksa seuneu naraka’”. Leuwih jelasna deui Rasululloh ngadawuh dina hadits nu diriwayatkeun ti Ibnu Asyakir : “ Jalma nu niggalkeun urusan dunya ngan saukur pikeun akherat teh lain jalma nu hade, kitu oge jalma nu ninggalkeun urusan akherat ngan saukur pikeun dunya kacuali lamun manehna meunangkeun dunya jeung akherat babarengan sabab dunya teh jalan keur ka akherat jeung urang teh ulah jadi beban keur batur”. Hadirin Rohimakumullah, Tina ayat Qur’an jeung hadits di luhur meunang kasimpulan sapertos kieu :
  • Urang sadayana dituntut kudu bisa nyaimbangkeun miwah kapentingan lahiriyah duniawiyah jeung kapentingan ruhaniyah ukhrowiyah, ulah dugi kabeurat sabeulah komo lamun mentingkeun salah sahijina. Duanana kudu saimbang, sajalan, sauyunan jeung saarah. Sakumaha conto saimbang jeung saarahna rel kareta api teu bisa jangkung sabeulah, sabab bisa ngakibatkeun kareta api nyangeyeng malahan bisa tiguling.
  • Dunya teh mangrupikeun jambatan keur nuju akherat. Dunya ieu lain tujuan sabab fana nu sawaktu-waktu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh pasti bakal ancur jeng binasa ka asup manusa nu bakal balik nyinghareupan ka nu nyiptakeunana nyaeta Alloh SWT.
Hadirin Sidang Jum’at Rohimakumulloh, Mung sakieu rupina khutbah nu tiasa didugikeun dina kasempetan ayeuna, mugia aya manfaat khususna kanggo khotib sareng umumna ka para jama’ah salaku kaum muslimin. Mugia Alloh SWT maparin kakiatan Iman tur kataqwaan dina ngalaksanakeun kahirupan urang sadayana sahingga tiasa ngajalankeun parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna nu akhirna Gusti Alloh maparin karidhoan-Na. Amin Ya Robbal ‘alamin. Wassalamu’alaikum Wr.Wb

2. Khutbah Idul Fitri bahasa sunda

Allah Maha Agung,ka agungan Allah teu aya babandingannana,teu aya nu hak mibanda kana ka agungan anu hakiki lintang ti Allah SWT.Bulan Ramadan anu pinuh barokah,hikmah jeng uswatun hasanah parantos ninggalkeun urang sadayana.Mungkurna sasih romadon mangrupikeun musibah kanggo ummat nabi Muhammad anu ngamanfa’atkeun ku mangrupi-rupi ibadah.

Hadirin sidang idul fitri anu mulya...

Langit,bumi sareng malaikat ngajerit ngarasa sedih lamun sumping wengi terakhir sasih romadon,sabab mangrupikeun musibah kanggo ummat nabi Muhammad SAW, naon sababna? sabab dina sasih romadon do’a-do’a di ijabah,shodaqoh di terima,kahadean pahalana dilipat gandakeun.Katambih dina sasih romadon aya hiji wengi anu pinuh ku kamuliaan,nyaeta wengi lailatul qodar,dina eta wengi malaikat turun ka bumi ngadugikeun salam kasalametan tur kasejahteraan ti Allah kanggo jalmi anu ibadah dina wengi lailatul qodar,sinareng deui sing saha jalmi anu ibadah dina eta wengi maka sami sareng ibadah sarebu bulan atanapi kirang langkung 83 tahun 4 bulan.

3. Khutbah Idul Adha bahasa sunda

Hadirin sidang Idul Adha anu mulya
Puji nu maranti urang sanggakeun ka dzat anu maha suci yakni Allah Robbul izzati, Puja nu jadi pangias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa yakni Allah Azza wajalla,di pirig ku galindeungna dua kalimah syahadat, hamo lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang mugia urang sadayana tiasa tetep renggenek lan istiqomah dina enggoning Ta’at ka dzat anu nampi Tobat.
Shalawat miwah salam mangrupikeun hiji doa nandakeun kadeudeuh tur kameuemeut ka jungjungan urang sadayana anu pang nyongclangna sa alam martapada, sok sanaos rebuan taun tos teu aya sengit ngadalinding keceluk ka awun awun katenar kajumantara
Hadirin siding idul adha anu mulya.

Ngalaksanakeun sadaya parentahanana nebihan kana sadaya laranganana
Sarengsena ngalaksanakeun shalat sunat idul adha dugi ka surup panon poe tanggal 13 Dzulhijjah disunatkeun meuncit hewan kurban,anu dagingna dibagikeun utamina ka fakir miskin.
Dina meuncit kurban urang nyawang kana kajadian rebuan tahun ka tukang yakni pengorbanan Nabi Ibrohim sinareng putrana yakni Nabi Ismail dina enggoning ngalaksanakeun parentahan Allah SWT, Nabi Ibrohim ikhlas tur ridho ngorbankeun putrana di peuncit ku panangan anjeuna nyalira,nyakitu deui nabi ismail pasrah sumerah kalawan ikhlas ngorbankeun nyawana demi ngestu turut tumut kana parentahan Allah SWT. Allahu Akbar…kacida agungna eta pangorbanan anak jeng bapak.
Hadirin anu mulya
Tina eta kisah urang tiasa nyandak pelajaran yen salaku istri anu di tinggalkeun berjuang ku suamina kudu daek sabar,tawakal,tur berjuang sarta berkorban ker ngahontal kana rido Allah SWT.
Sarengsena urang idul adha hayu sami-sami urang ngaronjatkeun sumanget ngajalankeun ibadah,kalawan daek berkorban di jalan Allah SWT.
 
4. Khutbah Radio ( Tugas baru cuwk )

a. Nu Kahiji

Assalamualaikum wr wb 
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat. 
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. 
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. 
Dina salah sahiji hadits diterangkeun... 
Inna dhofatu minal iman 
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman” 
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. 
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih. 
Para wargi anu mulya. 
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten. 

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

b. Nu Kadua

Amalan utama salawas ramadhan 
Sa hiji hal penting nu perlu kami pahami nya eta mengisi waktu di ramadan pinuh berkah ieu, Sehingga teu berlalu sia tanpa makna. Untuk eta kami isi bulan nu pinuh maghfirah ieu jeung amalan nu berharga.  Setidak aya genep amalan utama nu kami maksimal salawas ramadan. Pertama, Membaca alquran. Rasulul muhammad saw bersabda, Sebagaimana hadis jeung kualitas `hadis hasan jeung Sahih’ nu meriwayatkan ibnu masud: Barang saha nu membaca hiji huruf ti kitab al, Maka bagi hiji kebai,  jeung Hiji kebai eta membalas jeung sepuluh kali lipat. Kuring [abdi] teu mengata alif lam mim eta hiji huruf;  tetapi Alif hiji huruf, Lam hiji huruf,  jeung Mim hiji huruf. (hr at-tirmizi.  Alquran menurunkan pada ramadan. Maka tak heran ari [ana] rasulul leuwih remen jeung Leuwih loba membaca alquran pada ramadan membanding bulan ain.  Amalan utama kedua nya eta memperbanyak sedekah. Islam nya eta agama nu mengajak jeung Menganjur jelema untuk sok memberi, Berbuat kebaia,  jeung Mengamal kebaji.  Al swt berfirman jero surah albaqarah, “perumpamaan jelema nu menginfak harta di jalan al cara sebutir biji nu menumbuh tujuh tangkai, Pada setiap tangkai aya seratus biji. Al melipatganda bagi saha nu manehna kehendaki,  jeung Al mahaluas, Maha mengetahui (qs 2: 261. ”  Sebuah hadis nu meriwayatkan anas bin malik menyebut yen rasulul bersabda, “sesungguh sedekah eta memadam kemurkaan al jeung Menolak kejele (hr at-tirmizi. ”  Jero hadis lain menyebutkan, “rasullu saw nya eta jelema nu paling dermawan (pemurah jeung Kedermawanan eta sangat menonjol pada bulan ramadan. Basa malaikat jibril menerima di setiap peuting salawas ramadan, Maka ia mengajak untuk men-tadabburi alquran. Sungguh rasulul basa menemui malaikat jibril leuwih dermawan daripada angin nu berembus. (hr bukhari jeung Muslim. ”  
Amalan utama ketiga nya eta memberi buka kepada jelema nu berpuasa. Rasulul saw bersabda, “barang saha nu memberi dahar untuk berbuka puasa kepada jelema nu berpuasa, Maka ia rek manggih pahala jelema nu berpuasa, Sebagaimana jelema nu berpuasa tanpa mengurangi sedikit pun pahala ti jelema nu berpuasa (hr ahmad jeung An-nasa’i. ”  
Keempat nya eta melaksana qiyamul lail. Rasulul saw bersabda, “barang saha nu menjalan qiya ramadan da beriman jeung Mengharap pahala ti al, Maka dosa-dosa (nu leutik) nu geus lalu rek mengampuni. ” (hr bukhari.  
Amalan utama kelima nya eta melaksana ibadah umrah. Rasulul saw bersabda, “umrah pada ramadan sama jeung haji. Atawa mengatakan, `haji bersamaku’. ” (hr bukhari-muslim.  
Amalan utama keenam yaitu mencari lalaitul qadr. Peuting lailatul qadar nya eta peuting gangsal pada sepuluh peuting akhir ramadan. Bilangan peuting sebut nya eta wayah memana kami menuggu kedatangan laitul qadr. Maka gapai sa hiji peuting di ramadan nu leuwih hade ti peuting seribu bulan.

Sumber : Google
Brainly.co.id
Yahoo.com

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »

5 komentar

komentar
July 5, 2016 at 12:57 AM delete

Terimakasih sudah berkunjung mastah :v

Reply
avatar
July 5, 2016 at 12:58 AM delete

Terimakasih sudah berkunjung :D

Reply
avatar
Anonymous
April 11, 2022 at 11:36 AM delete

Contoh Khutbah Jum'At , Idul Fitri Dan Idul Adha Bahasa Sunda - Donny 4 Share Blog >>>>> Download Now

>>>>> Download Full

Contoh Khutbah Jum'At , Idul Fitri Dan Idul Adha Bahasa Sunda - Donny 4 Share Blog >>>>> Download LINK

>>>>> Download Now

Contoh Khutbah Jum'At , Idul Fitri Dan Idul Adha Bahasa Sunda - Donny 4 Share Blog >>>>> Download Full

>>>>> Download LINK O4

Reply
avatar